KABEUNGHARAN BASA SUNDA
(A) Mama Wangsa nanya ka anakna, “Maman, aya nangka walanda asak? Abah palay. Wayahna ala, mawa gantar panjang.” Maman cat kana tangkal nangka.
Aya lalay ngalayang nabrak Maman. Maman ngalawan, ngan kawalahan. Blak Maman ragrag ka handap, nangkarak kana catang nangka. Rada parah, katambah-tambah nangka atah ragrag kana tarangna.
Mama Wangsa datang, ngaragap tarang Maman, “Jajaka anak Abah, nyaah ka ramana. Dasar awak taya bagja, kalah ka ragrag.”
Aya randa, Ma Salamah ngaranna, datang mawa dagangan kadaharan: kacang bawang, bakakak hayam atawa panggangna.
“Mangga bapa-bapa, palay mah nyarandak, mayarna mah gampang.”
“Ah, da Mama Wangsa mah sanajan lapar tara kana ngadahar hayam-hayaman, matak panas padaharan.”
(I) Nini Iti niis di sisi bilik giribig, nilik-nilik Nyi Icih nyisig di pipir. “Icih, cing pilih-pilih siki kicipir, siksik sing nyiripit ipis. Ngiripik, Icih!”
Ti hilir Si Didi gijig-gijig, mimiti ngintip, isin bilih ditilik, cir pipis di sisi bilik.
Nini Iti nyirintil, “Si Cilimit! Icih, jiwir Si Didi!”
Si Didi ngincid indit, inggis diciwit pipi.
(U) Subuh-subuh Uyut Ucup tuturubun, nyukur gundul bulu lutung nu buntung buntut. Lutung ujug-ujug turun nurugtug nyusul kukupu lucu nu muluk mumbul luhur pucuk kucubung. Uyut Ucup kukulutus, “Lutung nurustunjung!”
Lutung tuluy mulung suluh hurung, pluk nutug buuk Dudung nu nuju ngudud surutu tujuh puluh tujuh kuntung wungkul.
Gurubug Dudung, “Duh Uyut, buuk Dudung hurung. Tuluuung!”
Buru-buru Uyut Ucup nuyun Dudung muru sumur, tuluy mulung buyung, cur.. cur. Dudung kuyumut, nguyung, murungkud bulu kuduk, murukusunu, tuluy pundung.
(O) Dodo norojol, oho-oho gohgoy, ngolomoh dodol.
Nongol Yoyo, “Tong ngolomoh dodol, Dodo. Sok kolomoh oncom.”
Dodo molotot, “Ngolomoh dodol rocop tonggong, komo ngolomoh oncom, ontohod!”
Yoyo morongos, nonjok Dodo. Dodo dongko, gorolong moncor jongko toko borondong Sosro.
Sosro gorowok cowong, “Hooy, tong kos bolon, Dodo, Yoyo. Komo tos kolot ompong. Sok gotong tolombong lontong.”
(EU) Ceuceu ngeukeuweuk seuseuheun seueur.
Reureuh nyeuseuh, Ceuceu leuseuh, beungeut beureum, meureun euweuh leueuteun.
“Euleuh, euleuh, peuteuy yeuh!” ceuk Ceuceu.
Neuleu seuneu, Ceuceu meuleum peuteuy. Ceuceu neureuy peuteuy teu eureun-eureun. Beuteung Ceuceu seubeuh, beuheung ngeureuleu. Reup peureum, Ceuceu weureu peuteuy leuweung.
(É) Émén réhé, ngélékéték kélék Nénéng.
Pépén mépéndé, “Répéh Néng, ké Pépén méré Nénéng lélépén. Pépén rék mékprék Émén.”
Émén nyéréngéh ngécé, “Dédéngé téh rék mékprék déwék? Pék!”
Pépén éléh géléng, gégétrét mémblé.
(E) Tegep besekel kereng telenges, seneng beberengkes sedep kededemes.
Pesen pecel, lelemper genep, belewek-belewek kesemek sepet, nelen bebek pedes, nyenyekel kepeng wedel.
Bener-bener gemes, sebel!
DAWALA SARWA ‘A’
Cépot: “Dawala! Dawala!”
Dawala: “Kah!”
“Di mana silaing?”
“Aya ‘na tangkal kalapa.”
“Turun, euy, aya picaritaeun.”
“Kapalang, Ka, acan kaala sadaya.”
“Ka dieu heula.”
“Nya mangga. Aya kapalay, Ka?”
“Dédéngéan ti tadi silaing ngomong maké ‘A’ wungkul. Éling henteu silaing téh?”
“Sadar, Ka, lantaran ngarah paham tatabasa. Apan basa mah tandana bangsa.”
“Teu maké i, u,e, é, eu atawa o?”
“Kagak! Hanya ‘A’ sajah!”
“Kawas enyaan bisa silaing sarwa A. Cik diuji ku déwék. Ngaran bapa urang saha?”
“Badranaya.”
“Ari ngaran déwék?”
“Kaka Astra.”
“Da déwék mah lengkepna Astrajingga. Ari jinggana mana?”
“Astrawarnatambaga.”
“Ari Juragan Dipati Arjuna?”
“Lalanang Jagad.”
“Ari Kangjeng Prabu Yudistira?”
“Raja sabar darana.”
“Ari Juragan Bima?”
“Agan Badag.”
“Ari putrana, Anom Gatotgaca?”
“Jalma gagah ngaangkasa.”
“Ieu mah pasti moal bisa. Ari Dén Nakula jeung Dén Sadewa naon cing?”
“Jajaka babarna samangsa.”
“Bisaan, euy. Ari nyebutkeun suuk kumaha?”
“Kacang.”
“Ari karéta api?”
“Kandaraan panjang.”
“Bisul?”
“Jarawat badag.”
“Jangkrik?”
“Baraya gaang.”
“Coba ayeuna nu panjang. Kieu: déwék maca artikel ‘Sura-seuri Sunda’, seuseurian sorangan, ti dinya ngadahar pakel nepi ka nyeri beuteung, buru-buru ka cai.”
“Kaka Astra maca layang ‘Barakatak Jawabarat’, ngahahah taya sasaha, lantas ngadahar mangga asak kapalang tangka panas padaharan, gancang ka jamban. Kawasna kababayan!”
“Ké, ké, nu pandeuri mah asana teu kungsi diomongkeun ku déwék.”
“Tambahna, Ka, ngarah katangar wasa ngaraksa basa!”***